Bacaan Talbiyah

blogger templates


BACAAN TALBIYAH

Bismillahirahmanirahim
1.Labaikallohumma labaikh,
labaikalaasarikalakh.
Innalhamda wani’matalakh,
walmulkalaasariikalakh.
2.Yaroobibil baitil ‘atik  * sahilana husna torik
Waj’alana khoiroropik * hata yahuja bisalam
3.Allohuma hajjan mabruro * wasa’yammaskhuro
Wadambammgfuro * tijarotan lantaburo
4.Yarobi zamzama walmakom * warukni walbaitil harom 2x
He dzat anu gaduh zam zam * sareng mako sayid ibrohim
5.Rukun opat dijadikeun * baitulloh dimulyakeun
Tipayun nyanggakeun puji * kagusti nu maha suci
6.Nimasihan ni’mat rijqi * kahamba hamba na gusti
Syukur kanu maha gofur * masing tiasa tafakur
7.Gusti tos manjangkeun umur * di atur sareng di ukur
Yeu abdi nu sami sami * kasadaya wargi wargi
8.Sadaya bade nyakseni * berangkat ka tanah suci
Ngajajap nu janten wargi * paundang sareng bu harmillah
9.Berangkat ka tanah suci * pidu’a ti wargi wargi
Mugi sing janten wasillah * pembrangkatana ka mekah
10.Gusti nurunkeun barokah * kacalon haji jeung hajah
Ti abdi wargi sadaya * ngiring bingah bahagia
11.Hapuntena ti sadaya * mung tasa jajap du’a
Atos beres na acara * istihlal i’tidar istid’a
12.Masalah hak adamina * atos bebas sadayana
Ti sadaya ngahapunten * ibu rana ngadu’akeun
13.Masarakat ngutamakeun * ngayakseni ngajajapkeun
Paundang bu harmillah ka mekah * bade janten tamu allah
14.Piwarangan gusti allah * munggah haji sareng umroh
Cunduk waktu mangsa datang * bu harmillah sareng pa undang
15.Taun ieu bade miang * di sarengan manah tenang
Nu dikantunna di bumi * sadayana putra putri
16.Anu janten buah ati * pat puluh dinten moal lami
Bu harmillah sareng pa undang * sing tawakal ka pangeran
17.Tong seueur nu diemutan * putra mah saroleh pisan
Dina waktos anu tepat * insya allah sasih hapit
18.Paundang bu harmillah berangkat * mugi sing sehat salamet
Tong melang nu di kantunkeun * ku allaoh di pangjagakeun
19.Palaputra ngalereskeun * wargi sami nalingakeun
Titip ka apa ka mamah * salami aya di mekah
20.Kade masing jembar manah * sing tawakal sobar tabah
Bral duaan gera miang * te kenging mang mang salempang
21.Di sarengan manah tenang * tumpak pesawat kapal terbang
Masing sehat salamina * dohir sinareng batina
22.Tiasa ngamalkeun elmuna * nu rukun sareng wajibna
Tos dugi ka tanah suci * pangpayuna katingali
23.Nu di sebat siang wengi * kabah yaqin katingali
Tangtos bingah anu aya * bubuhan anu kakara
24.Bingah pisan tur nalangsa * dugi ka anu diseja
Dimadinah katingali * jenengan masjid nabawi
25.Didinya teh makom nabi * ‘arbain kahade lali
Pangdugikeun salam ti wargi * di makom na kangjeng nabi
26.Tawasulkeun kade lalai * nyuhunkeun syafa’at nabi
Pileuleuyan pileuleuyan * sapu nyere pegat tali
27.Mugi nyalametkeun gusti * sing tiasa tepang deui
Nu miang bagja waluya * nu dikantun mulus rahayu
28.Putra mah sareng wargina * sing wilujeng salamina
Bapa ibu mulih ti mekah * janten haji sareng hajah
29.Nu magrur sareng mabruroh * maqbul sinareng maqbullah
Mangga urang ngalap barokah * kangge nu di alam barzah
30.Di rohmat sareng magiroh * umil qur an al fatihah
                 Alfaatihaa..............................h




0 Response to "Bacaan Talbiyah"

Posting Komentar